"

Minggu, 17 Oktober 2010

PUPUH ASMARANDANA


PUPUH ASMARANDANA

Laras                      : Pelog/Degung
Surupan : 1 =1 Tugu

BEBAS WIRAHMAH

Aya nu lumpuh musapir
Bari sila sisi jalan
Kadupak kanu lolong
Anu ker baling siar
Nenagan sandang pangan
Anu lolong gevbut labuh
Anu kadupak katindihan

Duanana pada nyeri
Anu kadupak nyarekan
Nu ngadupak bati bengong
Sasadu menta hampura
]lantaran heunteu awas
ahirna pada sasadu
pedah pada henteu terang

akhirna jadi ngahiji
sosobatan dalit pisan
ki lumpuh terus di akod
ku ki lolong anu bedas
tatapi heunteu awas
ku pitulungna ki lumpuh
bias ngider kamamana


TANDAK PANAMBIH   : PUPUH ASMARANDANA
GERAKAN   :  SEDENG

Nu lolong teu bisa ningal
Nu lumpuh teu bias leumpang
Mun pareng pada baengal
Antukna pabedang-bedang

Nu lumpuh reujeung nu lolong
Mun daek garotong royong
Nu lumpuh sadrah di gandong
Nu lolong moal ti tajong

0 komentar: