"

Minggu, 17 Oktober 2010

PUPUH KINANTI


PUPUH KINANTI

Laras                      : Pelog \ Degung
Surupan : 1= T
Lagu                       : Kidung

BEBAS WIRAHMAH

Itu naon nu ngahiung
Suat siet heunte cicing
Ngawang-ngawang kawas heulang
Muter karalang kuriling 
Sihoreng kapal nu urang
Kapal udara ngalingling

Semu teu aya kapaur
Heunteusieun heunteu gimir
Abong ges asak laithan
Pinter paham juru mudi
Kapal nurut ka karepna
Kamana-mana kasungsi

TANDAK\PANANMBAH                : PUPUH KINANTI
Gerakan                                  : Sedeng

Itu naon nu ngahiung
Ngawang-ngawang kawas heulang
Gening kapal nu keur ngapung
Kapal udara nu urang

Teuneung ludeung heunteu gimir
Abong ges asak latihan
Suat-siet mundar-mandir
Ngulicer kakalayangan

0 komentar: