"

Minggu, 17 Oktober 2010

PUPUH MIJIL


PUPUH MIJIL

Laras                      : Pelog/Degung
Surupan : 1 =1 Tugu


BEBAS WIRAHMAH

Aduh gusti nu maha suci
Sim abdi rumaos
Pangna abdi dumugi kakesrek
Reh ka sepuh Parantos ngusir
Takabur sareng diri
Tega mundung sepuh

Pedah sepuh hina sareng miskin
Ku sim abdi dihina ditoker
Moal boa manahna ngerik
Lir digelir hini, manahna mo lipur
Manahna mo lipur

Gaduh maksad rek babalik piker
Mung anu didongdon
Weleh lapur teu kapendak bae
Sepuh ngiles heunteu kasungsi
Leungit tanpa lebih
Abdi bati bingung


TANDAK/PANAMBAH  : PUPUH MIJIL
Gerakan  :  Sedeng

Aduh gusti nu kawasa
Di sim abdi ageung dosa
Pang na abdi gering nangtung
Rek ka sepuh wantun nundung

Pedah sepuh taya harkat
Kokoro sareng masakat
Ku sim abdi teu diaku
Ditoker sarta disatru

1 komentar:

sulaemandiki mengatakan...

lagu pupuh ieu ngemutkeun abi nuju masih alit...

hatur nuhun pupuh mijil na.