"

Minggu, 17 Oktober 2010

PUPUH LAMBANG


PUPUH LAMBANG

Laras                      : Salendro
Surupan : 1 = Tugu

BEBAS WIRAHMAH

Riab anu lumpatna
Lumpat bari tatanggahan
Ting al sruk susurakan
Rek ngarucu lang-langlayangan

Aya nu mawa gantar
Sawareh nyarekel regang
Rereana nusapantar
Rikat pada hayang menang

Lamun benang ku saurang
Kubaturna di tarajang
Nu ngarebut pirang-pirang
Rajet da pada ngajewang

TANDAK/PANAMBAH  : PUPUH LAMBANG
Gerakan  :  Sedeng

Riab anu lulumpatan
Bari nataratanggahan tatanggahan
Ting alasruk susurakan
Rek ngarucu langlayangan langlayangan

Aya nu mawa gantar
Sawareh nyarekel regang ( nyarekel regang )
Rereana nu sapantar
Rikat pada haying menang ( hayang menang )

Lamun benang ku saurang
Kubaturna ditarajang ( ditarajang )
Nu ngarebut pirang-pirang
Rajet da pada ngajewang ( silih jewang )

0 komentar: